Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dipake lalamunan, kuma pirasaeunana mun diri kami laksana bisa mihukum manehna, meureun tengtrem pipikiran, meureun tibra mamanahan, hirup asa nepi ka tutugna.

Najan pareng bisa hees, tapi tara pisan tibra, sabab manehna ngan kasasarkeun kagundamkeun bae. Sumawonna kaimpikeun mah geus meh unggal hees bae, ngimpi tepung jeung manehna, cacarita silitempas, seuseurian gogonjakan, asa eukeur di kieuna. Liwat saking pikir kami suka bungah. Tapi ari lilir, sidik yen maneh euweuh, ngan segruk bae kami ceurik, bari ngagugulung guguling.

Ku tina manehna euweuh bae, kami geus nyamarkeun maneh, palangsiang pondok umur, dipake gering nangtung ngalanglayung. Ngan hadena aya anu bela pati, dulur kami si Abdullah, nepi ka bisa ngadatangkeun manehna ka dieu. Ayeuna mah dibelaan pecah dada, kami moal werat pisah deui jeung manehna.”

Wangsul Nyi Piah, “Wah, gamparan mah bohong, abdi mah teu hayang ngandel, moal enya gamparan kagungan manah kitu. Abdi mah teu aya pandangeunana, rupi awon tur anak cacah kuricakan. Gamparan mah seueur deui, putra menak nu gareulis.

Upami abdi yaktos, ti sadungkap ka gunung teu pisan mendak kamarasan, nu katingal ngan salira gamparan, kopi asak katingalna jeug tariko wungu, daun kopi jiga tariko rawon, nu sok dianggo pelesir. Estu abdi samar rasa, dikedengkeun anggur lendeng, ditangtungkeun anggur lanjung, mun keur leumpang raosna kokoleangan, lir daun kasilir angin; didiukeun ditangtungkeun teu aya pisan senangna barangteda teu mirasa, cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo; mun ngalantung buruan asa layuan, bale gede asa rehe.”

Saur Aom, “Tah, bareto mah maneh anu nuding ka kami pajar bisa ngalamotan biwir. Ayeuna mah pabalik buta kasari. Kami ge teu hayang percaya ka omong manehna.”

“Sumuhun, da gamparan mah sasauran kieu sasauran kieu oge teu aya buktina. Ari abdi mah bukti, geuning ayeuna nepi ka jol ka dieu. Mun teu kairut kapincut mah, moal enya abdi

71