Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tetekadan.”

Aom Usman ngaraos kasedekkeun, tuluy nyaur bari mesem, “Sukur bae, lis, ari enya mah, nu dipenta ku kami ge nya kitu.”

“Sumuhun timbalan kumaha ayeuna nya pikersaeun gamparan, dumeh abdi parantos sakieu nya tetekadan.”

“Ih, kami mah moal owah gingsir deui, kapan bareto kami geus ngomong, malah enggeus sumpah pisan. Ngan kari ngadagoan beresna bae, maneh kudu diberesan heula ku salaki. ” “Tah, gamparan mah geus mimiti rek luncat mulang; tadi saur gamparan "dibelaan pecah dada," ari ayeuna kudu beres heula.”

“Is, lain kitu, Nyai! Na mending mana jalan beres jeung jalan kusut? Upama geus teu beunang mah diberesan, najan kusut oge ku kami moal burung dilawan. Ngan sadurung-dereng hayang beunang laukna, herang caina.”

“Sumuhun dawuh, ari menggah di abdi mah geus teu aya beresaneunana, margi ti mimitina parantos kusut.”

“Hih, keun bae, kumaha kami bae, engke ku kami diberesan; maneh mah montong ngaborongkeun.”

“Nuhun, ari kitu mah.”

Gancanging carita Nyi Piah di dinyana meunang sapeuting jeung sapoe. Isukna sumawonna sanggeus ditinggalkeun ku Aom Usman, liwat saking ngarasa kalumanana, teu betah jeung kesel, asa dijual teu payu bae. Katambah-tambah jeung hariwang, risi sieun nu nyusul geus nepi ka kolotna, kari-kari manehna euweuh. Turug-turug si Abdullah teu datang-datang jadi euweuh nu baris dibawa pakumaha-kumaha.

Pukul lima sore kakara si Abdullah datang. Teu kira-kira Nyi Piah bungaheunana, mun enggeus mah asa dijait ti jero guha bae, mani bungangang pikirna.

Cek si Abdullah, “Geura dangdan, Nyai, engke ari geus sareupna urang tuluy mulih bae ka rama. Tapi ulah nyarita jeung akang, menta dianteur bae kituh ka nu kuli urang dayeuh nu

72