pulang ti gunung. Ngarang bae picaritaeun anu beres. Jeung ieu lepit dimana geus deukeut ka bumi kudu dituang, supaya ibu rama wuwuh asih.”
Barang geus reupreupan jung arindit, mawa nu kuli duaan pikeun mawa peti papakean. Nyi Piah leumpangna dibeubeur leupeut ku karembong cetaan nu nyaba jauh.
Barang nepi ka imah tuan Haji Abdulraup, bus asup ka dapur jalan ka pipir. Si Abdullah mah ngabengbeos bae balik. Nya kitu deui kuli tea buru-buru disina balik, supaya ulah kanyahoan jelemana ku kolotna. Nyi Piah teu buru-buru asup, cicing bae di tepas dapur.
Barang eusi dapur narenjo ka Nyi Rapiah teu kira-kira karageteunana, raong ngabarageakeun. Kadenge ku dulur-dulurna ti jero imah, tuluy maroro ka dapur bari tinggarero, “Aceuk, aceuk!” Dulurna anu kacida apetna tea mah mani ceurik bari ngarangkulan, awahing ku sono jeung atoh. Atuh teu kira-kira bae ngaguruhna di dapur. Tuan Haji jeung Nyi Haji anu keur aya dipangsambeangan reuwaseun pisan, marukan aya seuneu; tuluy moro. Ari jol ka luar bet aya Nyi Piah; atuh beuki kaget bae, heg dititah ka imah. Cek indungna bari ngaleleper, “Jeung saha maneh ti ditu?”
“Sareng si Misnah bae. Ari ti ditu mah menta dianteurkeun ka nu kuli duaan, nu pulang ti gunung.”
“Na teu jeung akangna?”
“Henteu, da kuring mah minggat, akang keur di gunung.”
“Minggat kumaha?”
“Ah, minggat bae, da teu betah, keun bae masih ditambang oge.”
“Naha atuh ari teu betah mah lain ngomong ka salaki, nyiar teuing pikamelangeun!”
“Bebeja mah enggeus, diajak pindah deui ka dayeuh, da teu digugu.”
“Wayah kumaha ti ditu?”