Isukna isuk-isuk jung manehna indit ka dayeuh tumpak bendi. Sajajalan teu pegat-pegat mikir, kumaha nya pipetaeun, lamun geus gok papanggih jeung Nyi Piah. Naha kudu dibengisan atawa disabaran bae? Ari disabaran, abong-abong sakitu nya nincak hulu. Lamun diambek, sok sieun katutuluyan. Ti dinya datang pikiran, leuwih hade moro ka bapana bae heula, arek dilaglagan jeung rek menta mupakat, kuma pihadeeunana.
Memeh lohor Ujang Kusen geus nepi ka imah kolotna, kawantu kuda meh dibabuk-lalay bae. Kasampak tuan Haji Samsudin jeung Nyi Haji araya di imah, kawas keur gendu raos, ngabadamikeun lalampahan manehna. Barang jol teh, cek indungna, “Tuh, geuning si Ujang. Geuwat ka dieu!”
Ujang Kusen mani pias beungeutna, tina bawaning reuwas, nenjo paroman indung bapana semu anu keur susah.
Haji Samsudin nitah nyaritakeun usul-asalna, anu matak Nyi Piah minggat. Galantang ku Ujang Kusen dicaritakeun ti awal nepi ka ahir.
Geus kitu pok deui Haji Samsudin nyaritakeun omonganana Nyi Piah jeung indung bapana sakumaha nu geus kajadian tea teu aya anu kalarung.
Cek Ujang Kusen, “Sumuhun, kumaha atuh ayeuna pilajengeunana?”
Walon bapana, “Ari pikiran Ama ayeuna urang ulah kapalang clok ti handap, sabaran bae, jeung naon pamentana ku maneh turut; lamun hayangeun pindah deui ka dayeuh, leuwih hade pindah bae. Ayeuna cig geura panggihan, tapi poma maneh ulah ngabijilkeun budi goreng, sing sareh bae.”
Ujang Kusen teu barangdahar-barangdahar acan, ditawaran oge ku kolotna teu daekeun, awahing ku bingung, leos bae ka imah Haji Abdulraup. Kasampak mitoha awewe lalaki araya. Ari Nyi Piah barang nyahoeun salakina datang, ngan bus bae ka pangkeng enggon, panto digebrugkeun, tuluy ditulakan, ngerem maneh. Ujang Kusen teu lemek teu nyarek, gek bae diuk. Mitohana awewe