Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

“Teu aya dosa naon-naon, ngan kami bae geus teu suka. Naha anu teu suka rek dipaksa bae?”

“Dipaksa onaman moal, ngan kudu bener jalanna, kudu kaharti sababna. Ari ieu jalanna geus nusud, awewe bijil ti imah, kari-kari ayeuna menta diserahkeun; moal!”

“Wah, kajeun teuing masing dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban oge; nuturkeun deui tea moal. Kumaha ari teu suka.”

“Kuma’ dinya ari kitu mah.”

Gejlig bae Ujang Kusen turun teu amit-amit acan.

Barang datang ka imahna, pok dicaritakeun ka kolotna, yen kitu pokpokanana Nyi Piah. Cek Haji Samsudin, “Ari kitu mah kumaha pikiran maneh, montong mamawa ka kolot bisi goreng kolot pada kolot. ” “Sumuhun, Ama, kuring parantos seep nya mikir, diemut-emut asa kacida teuing Nyi Rapiah teh ka kuring. Ku dipangminggatkeun oge kuring teh geus asa dipopok tai nya beungeut, ari ayeuna menta diserahkeun pisan. Keun bae, diserahkeun moal, ku kuring, diupahan moal, kumaha niatna bae.”

Cek indungna, “Bener, ujang, ari jadi lalaki ulah eleh teuing ku awewe, matak diunghak. Keun bae, da awewe mah loba deui, dapon aya keur merena, lalaki mah moal burung payu deui. Ari maneh tea da henteu salah. Upama ku maneh diupah-apeh, engkena beuki muncugug, tungtungna nincak hulu.”

Ujang Kusen di dayeuhna ngan sapeuting; isukna tuluy balik deui ka Sekeawi. Pikirna mangsa harita geus bibilasan, panjang bat, pondok pot, tina keur kajurung ku napsu.

Barang datang tuluy ngurus gawe bae. Harita kopi keur meujeuhna ceuyah, kabeneran manggih taun mulus. Anu marenta barang beuki loba. Atuh Ujang Kusen teh teu kira-kira bae riweuhna.

Tapi hanjakal pisan, pohona ka Nyi Piah teh ngan ukur

80