Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

welasan poe. Ari amarah geus lemper mah, les bae kagorenganana teh, timbul inget manteng anu teu aya pisan pegatna, karasana ku manehna leuwih ripuh ti bareto. Bareto mah melang rempan oge teu salalawasna, da puguh lililana mah reureujeungan, turug-turug kagantian ku kasukaanana. Ari ayeuna wungkul ripuh pikir bae, kawantu henteu kadeuleu, loba pisan sangka-sangka, nepi ka teu ngeunah dahar, teu ngeunah nginum, sumawonna sare.

Matak watir kacida ku Ujang Kusen, beungeut pias, panon celong, gado mencos, iga ragas tanaga beak, leumpangna ge nepi ka rumanggieung, cahya alum; lir upama kembang eros beukah geus beunang metik opat poe, lempes goreng taya pikaresepeunana.

Ku sabab kitu tangtu pisan sagala pakarepan oge leungit. Urut anu sakitu soson-sosonna kana gawe, ari geus datang kasakit eta mah les bae musna, sabab pikirna, keur naon tisusut-tidungdung oge, teu aya nu dibelakeun.

Sameureun cek omong kolot: awewe teh mahala mahayu. Mahalana ari geus kitu, mahayuna lamun runtut-raut tea. Mana kolot mah ari rek boga pamajikan tara kajurung ku napsu, tara kabawa ku sakaba-kaba, dibeakkeun heula pamilih, bisi goreng balukarna, tara gawok dumeh denok, tara gancang dumeh lenjang.

Pagawean Ujang Kusen lolobana dipercayakeun ka batur-baturna bae, da manehna mah teu kaur balas huleng jentul-ngadaweung ngabangbang areuy. Tapi manan jadi tamba mah, didaweungkeun anggur tambah beuki nineung, dihulengkeun nambahan beuki baluweng. Upama pareng balik ka lembur, sok mawa kekembangan nu aralus, kembang tatangkalan leuweung, pikirna keur ngirim Nyi Piah, sugan geus nyampak aya di imah. Tapi ari datang, sidik euweuh, tuluy kembang dirungrungan diceungceurikan. Ari karesep ngan hahariringan, kakawihan; mun keur mandi tara anggeus ku sajam, da diselang ku ngahariring.

Batur-baturna sumawonna lanceukna melangeun pisan nenjo peta jeung rupa Ujang Kusen, panon geus hurapok, ingetanana geus loba owahna. Ari aturan tea mah nya uyuhan sakitu oge, henteu joljol gerebeg edan, pegat jeung awewe anu sakitu geulisna turug-turug jelema leumpeuh yuni.

81