Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tuluy lanceuk Ujang Kusen nitahan jelema ka dayeuh, pupulih ka kolotna, mupulihkeun lalampahan adina.

Teu kira-kira tuan Haji Samsudin reuwaseunana, sumawonna Nyi Hajina. Tuluy Haji Samsudin ku maneh ka Sekeawi. Kasampak teh, enya matak ngahelas pisan.

Cek tuan Haji, “Kusen, ayeuna urang balik bae ka dayeuh. Perkara modal anu ƒ 500 sumawonna geus datang deui sawareh, najan kabeh teu kapuluk, keun bae montong jadi pikir, da pimodaleun mah loba keneh. Kebon kopi jeung barang, selehkeun bae ka lanceuk maneh, sina diurus.”

Ujang Kusen tuluy pindah deui ka dayeuh, dibawa ku bapana.

Barayana awewe lalaki loba anu maranggihan. Kabeh ngahelas atina nenjo rupa Ujang Kusen sakitu ruksakna, tuluy pada ngarupahan. Cek sawareh, “Sing sabar, adatna lalaki mah ari meunang kanyeri nya ti awewe.” Cek sawareh deui, “Nyeri ku awewe, ubarna kudu ku awewe deui. Ayeuna mah geura nyiar deui bae anu geulis pipamajikaneun.”

Maksudna Ujang Kusen oge nya kitu, rek boga deui pamajikan. Tapi ka mana atuh nyiar awewe anu rupana cara Nyi Rapiah. Cek pikiranana harita mah: najan di sakolong langit neangan awewe anu rupana cara Nyi Rapiah, asa moal manggih, sumawonna bangsa pasar, najan menak oge moal aya anu nanding.

Tapi eta pikiran saenyana kasasar. Di alam dunya tara aya anu punjul pisan nepi ka sampurnana. Najan awewe sakumaha geulisna oge, sok aya bae nu ngelehkeun. Jeung deui Ujang Kusen teu nyahoeun, samarukan ari bogoh ka awewe teh taya bosenna, kaedanan ku awewe tara aya cageurna. Di dunya mah kabeh oge tara aya nu langgeng: bogoh sok aya bosenna, susah sok aya cageurna, suka sok aya beakna, ambek sok aya lelerna.

Pikir Ujang Kusen harita aya oge copongna, kawantu loba nu ngabeberah, loba eukeur ngabangbrangkeun. Ngan kasuatna

82