seubeuh ku awewe teh nepi ka kituna, abong enya budak ngora. Atuh ari rek dilajur mah, najan nepi ka rugrug gunung reuntas jagat oge, moal aya seubeuhna, nu geulis moal aya tungtungna. Seubeuhna teh ngan kudu dipaksa ngered maneh, narima ku nu geus aya, sing mahi ku nu geus bukti. Geuning saur anu palinter, “Teu aya nu pangbeungharna, lian ti nu narima kana kulak canggeumna”. Mun napsu hantem dilajur, tangtuna jadi kaduhung, raga badag nu nemahan sangsarana. Kana pikiran kitu teh Ujang Kusen estu jajauheun pisan, ngan mikirkeun kangoraan bae, ieu aing lalanang jagat, lalaki langit, taya karempan kasieun.
Tunda carita Ujang Kusen anu keur ngalajur napsu ngumbar amarah, caturkeun anu keur oleng panganten. Aom Usman jeung Nyi Piah, rasana geus moal aya di kieuna bae nya kabungahan, beunang hayang ti baheula, beunang bogoh ti bareto, ayeuna kauntun tipung katambang beas, teu kira-kira geugeutna, ka cai bareng ka cai, ka jalan bareng ka jalan, mun di bumi, calik ge patumpang-tindih. Tapi Aom Usman geureuhaanana ka Nyi Piah teh teu haturan-haturan acan ka ibu ramana mah, da taya petana dipaparinkeun. Ma'lum ari sepuh mah tangtu kudu meunangkeun bangsana, menak kudu ka menak deui. Jadi sanajan ibu ramana uningaeun, henteu dipirosea, sumawonna diuruskeun, api-api teu uninga bae.
Barang geus kira-kira meunang dalapan bulan Nyi Piah dipigarwana ku Aom Usman, pareng dina hiji waktu Aom teu damang, pileg sareng panas meunang tilu poe teu ka kantor-kantor acan. Ibuna uningaeun, tuluy ngalayad, angkatna nyacat bae, da deukeut ti bumina ka bumi Aom teh. Barang sumping ka dinya, lajeng ka pangkuleman bae. Kasondong Aom Usman keur ebog, ari Nyi Rapiah diuk dina tutugan pajuaran mentas ngalandongan. Teu kira-kira manehna kageteunana barang nenjo Juragan Demang istri sumping teh, mani teu puguh keyep, teu puguh rampa, kasima, alahmanan mantri kudang nu boga dosa kasumpingan kanjeng Tuan Controleur bae. Sapeta-peta Nyi Piah ku Juragan Demang kamanah, kawantu istri surti, lajeng dipariksa, “Kunaon