”Sukur ari boga pikir kitu mah. Tapi kahayang ibu maneh kudu-geuwat-geuwat boga pamajikan anu enya, ku tina Ama geus sakitu sepuhna, biheung sore, biheung isuk dimangsakeun ku Nu Kawasa.”
”Sadaya-daya, Ibu, ari didawuhan kedah enggal-enggal gaduh bojo mah panunuhun bae, margi keur gede keneh kasukaan ka si Piah.”
Dawuhan ramana, ”Tah, eta maneh mah sok boga adat bahula ka kolot. Geura regepkeun: ama teh geus boga kikin-deuwan, putra Wadana Anu, malah geus ngaragragkeun omong. Ama jeung Wadana eta teh nya sobat, nya baraya, turug-turug eta teh jelema bageur. Budakna matak panuju kacida rupana hade, tingkah lakuna hade estu lungguh pancuh pisan, jeung pinter deui, kawantu sakola Walanda. Pendekna geus euweuh kuciwana. Ari ayeuna eta budak teh geus gede. Lamun diengke-engke, tangtu top ku batur, hese deui neangan pantarna. Ku ama geus diileng. dina mangsa-mangsa ieu mah, euweuh budak anu cara kitu. Loba soteh pikabogoheun, ari pipamajikaneun mah teu babari.”
Aom Usman teu ngawangsulan, tungkul bae bari mando. Ari ku rama beak karep isin jeung sieun, tapi ari ras ka Nyi Piah sakitu beuratna, sakitu gedena duriat. Mungguh raosna Aom harita liwat saking sumpegna, asa tungkeb bumi alam, asa katindihan gunung. Da ceuk ciptaanana: moal enya aya nu geulis cara Nyi Rapiah, najan putra ratu oge.
Ulat jeung pasemon Aom Usman ku Ibuna kajudi, tuluy sasauran, ”Ujang, ibu oge lain nitah nyerahkeun si Piah. Teu matak naon, candung bae, da lalaki mah wenang boga pamajikan nepi ka opat, sumawonna pantaran maneh. Rasa ibu moal enya mungguh si Rapiah nepi ka embung dicandung ku maneh, da maneh teh nya kasep, nya menak, henteu gampang awewe nyiar pisalakieun.”
Piunjuk Aom Usman, ”Sumuhun, anu dianggo kaewed teh eta leuheung-leuheung mun itu daek dipangnyandungkeun, kumaha upami henteu. Sarengna deui upami kajadian ka ditu,