di mana dipernahkeunana, da kapan rorompok abdi parantos dieusian ku si Piah.”
”Ih naha bet jadi kahelokan teuing sakitu-kitu bae mah. Ari imah maneh keur itu, da geus pantes pisan pitempateunana, demi keur si Piah mah atuh urang nyieun deui bae, anu leutik, anu alus. Masing hade ngosolna bae, da maneh teh lalaki. Wondening teu daek dipangnyandungkeun, atuh montong terang, maling-maling bae, kilir ka si Piah mah ti beurang atawa peutingan ngaronda; lalaki mah moal kaelehkeun akal. Jeung deui rasa ibu, najan itu oge, upama geus katalian ku duriat mah, moal enya datang ka teu daekeun dicandung, da bubuhanana awewe mah.”
Saur Juragan pameget, ”His, puguh bae daekeun mah, da amana oge pirang-pirang garwana. Jeung deui mungguh awewe anu berakal mah moal embung dipangnyandungkeun, da gede pisan mangpaatna. Kapan ku nahan kasabaran oge geus pirang-pirang ganjaranana. Nya kitu deui ibadahna awewe anu dicandung jeung dipangnyandungkeun ganjaranana sababaraha kali lipet ti nu teu dicandung.”
Saur garwana, ”Wah, komo deui anjeunna mah, da ahli kana nyandung teh.”
Piunjuk Aom Usman, ”Sadaya-daya sumeja ngiringan kana kersa sepuh bae.”
Saur ramana, ”Sukur! Pageto maneh kudu indit ka ditu, tepungan heula, naha panuju atawa henteu.”
”Sumuhun timbalan.”
Sanggeus kitu tuluy Aom Usman mulih. Manahna liwat saking dulungdungdengna, ari teu diturutkeun kumaha, ari diturutkeun puguh keur sakitu gedena kasukaan ka Nyi Piah. Cek manah Aom, "Karunya temen lamun nepi ka disingkahkeun ti imah teh, sanajan dipangnyieunkeun deui oge, da meureun eraeun ku nu sejen, kadangkala menta pondok, pisakumahaeun temen pikir aing. Jeung deui ari perkara nyandung tea leuheung basa lamun lulus, kumaha lamun seug kusut, jadi nyiar pikasakiteun.