Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tapi dalah dikumaha, da moal bisa mungpang kana kersa sepuh, kumaha behna bae.”

Sumpingna ka bumi Aom Usman semu alum. Ku Nyi Piah ditaros, tapi ku anjeunna teu diwakcakeun. Nyi Rapiah geus teu ngeunah hatena palangsiang aya gara-gara, tapi teu aya ari tereka kana rek dipangnyandungkeun mah, tina boga rasa geulis jeung kanyahoan Aom sakitu geugeutna ka manehna.

Isukna Aom kakara nyarios yen rek angkat ka nagara Anu, dipiwarang ku ramana, aya perkara anu perlu.

Pagetona jung Aom angkat, diiring ku sababaraha urang gandek jeung aya oge hiji dua sepuh menak, anu ngajejeran.

Barang sumping ka ditu, kacida pisan Aom diangkenna ku pimertuaeunana, malah dina hiji sore kira wanci pukul opat, Aom Usman ditepangkeun jeung pigarwaeunana, beunang midang. Barang beh teh jol uruy bae Aom ningali pigarwaeun teh, atuh da puguh sakitu geulisna. Puguh ari pautan jeung kulit mah rada eleh ku Nyi Piah, tapi eta ieu mah meunang leleb, meunang pamor, kawantu terahing ngaluhur. Lamun mungguh di baju tea mah: Nyi Piah upama tariko rawun kotak-kotak, ari Agan Sariningrat, bebene Aom Usman tea, upama tariko hideung, beunang dipake ka bala ka bale.

Ti harita kasukaanana Aom ka Nyi Piah geus turun saperlimana sarta datang manahan kieu, ”Kumaha behna bae si Piah mah; daekeun bae dicandung sukur, henteu kajeun, da sugan moal sakumaha kaedanana aing teh, sabab aya gantina.”

Meunang lima poe Aom calikna di dinya, tuluy mulih. Jeung pigeureuhaeunana geus wawuh enya, malah dina waktu rek mulih teh make aya sumoreangna.

Barang sumping, tuluy unjukan ”sumangga” bae ka ibuna.

Caturkeun Juragan Demang istri pameget geus prak sasadiaan rek mantuan. Eta beja geus nyaliara ka mana-mana, kolot budak pada nyaho, ngan Nyi Piah anu medeng keneh teh.

92