Sarerea enggeus ma'lum yen kalobaanana mungguh jelema teh ahli hasud sirik pidik, puas nenjo nu cilaka. Barang geus loba nu nyahoeun ka beja Aom rek geureuhaan tea, mani jigana teh meh unggal awewe geus arateul biwirna hayang geura ngabejakeun ka Nyi Piah, hayang geura nenjo kumaha balukarna. Ari Aom keur nuju di kantor teh geus biasa sok aya awewe nu nganjang, boh santana, boh bangsa somah, sakur nu dareukeut ka dinya. Harita mah geus puguh deui meh unggal poe juljol pada marawa carita, sawareh mah jeung dileuwihan, ngarah Nyi Piah tambah panas.
Tapi Nyi Piah bubuhan jelema lantip tur asak warah, bisa naker nyieunna semu teh, nepi ka sarerea kaget, nyangka Nyi Rapiah wedel, sabar tawekal henteu unggut kalinduan, henteu gedag kaanginan. Atuh da teu aya pisan katarana ku nu sejen, budi basa angger, teu jiga nu susah, teu kawas nu pusing. Ngan katarana teh dina beungeut pias, beuheung rada celengang jeung pigeulang leungeun tembong tulangna, kitu ge geus lilana deui. Ari ka nu mawa carita, dijawabna kieu, ”Eh, kuring mah bisi teu uninga, cicing soteh di dieu teu pisan gaduh rumasa boga salaki, ngan ngiring kana kersa bae, itung-itung jadi eusi dapur, nu dipalar sugan aya hibarna, berekahna menak. Wondening ayeuna juragan rek garwaan ka putra menak deui, atuh da pantesna. Naha ku kuring kudu dipake ambek? Lamun kuring ambek, badega nu sejen ge kudu ambek, da taya bedana jeung kuring. Sumawonna aya basa kuring rek dipangdamelkeun imah, rewu-rewu sukur; najan rek ditetepkeun di dapur di dieu oge, kuring mah moal baha.”
Sakur anu nyarita, dijawab kitu teh teu bisa laju, tungtungna baroseneun, tara nyarita-nyarita deui.
Tapi mungguh Nyi Rapiah kitu soteh ngan di luar, ari dina hatena mah ngan Allah anu uninga. Sumawonna eta mah dina barang mimiti meunang beja, meunang tilu poe tilu peuting teu kararaban sangu saremeh, teu sare sakerejep. Ari dipariksa ku Aom, jawabna pondok bae: ”udur.” Kana perkara eta mah teu émbus-embus, api-api teu nyaho bae, maksudna rek nyabar-nyabar