maneh, sabab geus kapalang jeung era ku Ujang Kusen lamun menta diserahkeun teh, meureun disebutkeun: humayua, tadina mah rek nulak cangkeng dina kelek, dumeh meunangkeun putra menak, ari pruk ngan tiap kulimis.
Lila-lila Aom Usman waleh ku anjeun ka Nyi Rapiah dumeh geus santek waktuna, saurna, ”Piah, pamenta kami maneh ulah rek gede hate, ulah rek leutik hate, ayeuna geus nepi kana titis-tulis, kami didawuhan ku Mama kudu boga pamajikan ka putra Wadana Anu. Sanajan kami nolak, tapi dipaksa bae. Ku sabab eta tangtu kami teu bisa kumaha. Ku maneh tangtu kaharti, lebah kami moal enya hade mungpang kana kersa sepuh anu sakitu maksana, kadua kapan kami gede pangarep-ngarep, nya eta hayang nepi ka jadi pangkat gede. Lamun anjeunna bendu ka kami, nepi ka teu ngangken putra, meureun matak doraka, maksud moal jadi.
Ku sabab eta taya deui anu dipenta ku kami ngan kasabaran manehna. Lamun enya maneh gede suka, gede tineung ka kami, meureun sadrah ati maneh kana kersa sepuh. Ari mungguh kasukaan kami, kanyaahan kami ka manehna ngan Allah anu uninga; gunung Tangkubanparahu gede, gede keneh kasuka kami; sanajan nepi ka dug ka kubur moal aya beakna; maneh teh moal kagantian ku anak menak, hamo kalindih ku nu geulis, najan ku widadari ti sawarga loka, tina ati kami geus kabeuli ku maneh, geus kaurud kapuket, hamo bisa pukah deui.”
Nyi Rapiah teu ngawalonan, sesegruk bae, nyuuh kana pangkon Aom Usman, nepi ka sinjangna jibrug. Aom oge ngalimba, teu tahan ningali Nyi Piah kitu.
Geus kitu pok Nyi Rapiah ngomong bari unghak-inghak: ”Eh, gamparan, menggah abdi mah bubuhan awewe, salamina dulang-tinande, kahananana ngan dipulung jeung dipiceun. Menggah eta mah teu ngalalangkungan gamparan, rek dibeureum, rek dihideung, gamparan anu kagungan. Ngan eta bae gamparan kacida teuing; pang-abdi dongkap ka cul ka salaki, hilap ka kolot, taya sanes ngan ngemutkeun dawuhan gamparan kapungkur. Satadina oge abdi mah teu rek marok-marokkeun maneh, narima-