103 Geus mëndak gek tjaralik ngarendeng. Tapi teu aja antarana deui, gabroeg Ënden Ijah ngarontok, moentang kana tënggëk djoeragan Rachmat, mastakana njoeoeh kana dada, pok sasambat: „Adoeh ëngkang!" toeloej nangis noe njëri kapati-pati. Djoeragan Rachmat ngarakatjak mamanahan, karaosna peurih alah batan digërihan, sëlang emoet-sëlang hënteu, ngadajagdag njanda kana panjarandean bangkoe. „Ëngkang mah ka abdi kawas noe iklas Tingali awak abdi doegi ka siga kieu Pang sakieu teh sëdja ngabelaan ëngkang, ari ëngkang Adoeh Goesti! geura tjaboet njawa abdi, meungpeung dipajoenan Lillah pisan pëgat njawa, abdi keur dina pananganana Hiroep ge taja goenana, di doenja taja noe njaah, hënteu gadoeh poentanganeun. Noe wëlas kieu boektina. Adoeh, tobat Goesti! abdi teu kiat nandangan kasëdih noe pantar kieu." Barang ngadangoe anoe sasambat kawas noe lali kana salirana, njëblak manah djoeragan Rachmat, enggal mastaka noe nangis ditjëpëng koe doea panangan, ditjëngkatkeun, saoerna bari doemareuda: „Ënoeng, ënoengi, ieu ënoeng! sing emoet, ieu ëngkang." „Ah, ëngkang oge ajeuna geus teu njaah." „Masja Allah, tobat teuing, ënoeng, ieu hate ëngkang adjoer ..." Toeloej silih rangkoel doeaan paoengkoe-oengkoe hoedjan tjisotja. Lamoen soepir harita deukeut, njeueung noe kitoe pëtana. kataradjang toenggara katrësnaan, meureun moal ngahenen bae, imoet sënang ngalamoen, pëlëdoeg' oedoedna sigaret tjap gadjah. Noe kailëng ngan bakal nampa doeit rada beukah. „Moen mindëng kieu teh, rësëp," omongna, „bensin saeutik, doeitna gëde. Pek wae Gan sing djarongdjon, abdi mah asal lima perak bae sadjam." Geus rada lëlër noe pada nangis, pok deui djoeragan Rachmat sasaoeran: „Ënggeus ënoeng, ëntong njoeat-njoeat deui. Lamoen ëngkang teu ingët kana kawadjiban ngabelaan bangsa djeung lëmah tjai oerang, bareto ogie basa panjangtjang dipoelangkeun. ëngkang nekad, meureun ieu djoengdjoenan, poepoedjaning njawa ëngkang, disambër dibawa — maap nja — dibawa kaboer. Ënoeng, Siti Saniah, pikeun lalaki teu aja wiwirang di kolong langit, kasakit noe leuwih njëri, kadjaba ti kabogoh dirëboet 1
2