104 batoer. Noehoen ëngkang ditangtajoengan keneh koe Jang Mahakawasa, lahirna koe djoeragan Soelaeman istri-pamëgët. Lamoen teu kitoe, walahoe alam koemaha. Ëngkang kaboeroe eling. Komo barang nampa soerat ti ënoeng mah, beuki tetela, jen oerang dipaksa dipëgat sina patoeraj. Ënoeng teu aja noe mere njaho. Beuki gëde hate ëngkang, hajang mërangan adat noe ngaroeksak rasa manoesa. Indoeng-bapa hënteu koedoe ngaroeksak rasa anakna koe maksa miroesa, doemeh dikawasakeun tjek hoekoem. Tah Ënoeng " Noe sasaoeran teu iasa këbat, kaboeroe ti djëro njëlëk, ngagarëndok. „Nanging ," saoer Ënden Ijah. „Ëngke, ënoeng naon maksoed teh pang hajang tëpoeng djeung ëngkang ?" „Ëngkang, abdi ge tërang, ëngkang diwiwirang', ëngkang diraheutan manah, dipapanas, pantës bade bëndoe, bade njëri oge, nanging dibandingkeun sarëng abdi sanes babandinganana. Koe ëngkang tangtos kagalih, sakoemaha pirasaeunana diri abdi." „Ëmh, ënoeng " „Ke, oelah waka sasaoeran. Oepami ëngkang ngaraoskeun atanapi oeninga kana kaprihatinan sarëng kawëgahan abdi dipaksa bade dikawinkeun ka — iiij, koemaha raosna tjing —moal ënja ëngkang mariksakeun, naon maksad abdi hajang tëpang ajeuna." Gëbëg djoeragan Rachmat reuwas, njaoer salëbëting manahs „Beu, beu, tjilaka, iblis ngagoda ieuh. Aoedoe billahi minasaiton nirodjim, lailaha illëlloh." „Adoeh ënoeng," saoerna ka rai, „pikeun oerang saajeuna euweuh djalan anoe lian ti koedoe sabar, pasrah kana kërsana Pangeran. Ëngkang geus tataros ka ditoe-ka dieu, tapi loepoet, euweuh noe mere bongbolongan kana hasil sarta loeloes. Sanggeus beak dengkak, nja ëngkang tawëkal ka Goesti Allah." „Ajeuna abdi njanggakeun badan sakoedjoer. Mangga geura tjandak ka mana kërsa. Abdi teh teu soedi dipaksa ka noe tea soeka." „Kasatiaan, katrësnaan ënoeng ka ëngkang katarima lahir-batin. Ëngkang ngoetjap soekoer ka Rabboelalamin, ënoeng mitoehoe ka ëngkang. Goenoeng gëde, gëde keneh kaboengah ëngkang. 1
1