112
Enden Ijah bati njëri, noe njaah ka andjeunna koe iboena dianggap moesoeh, dianggap hianat ka andjeunna. Komo barang geus maroelih mah, bati tjarindakdak, ngadangoe iboena koetoekgëndëng, njeuseul noe lain-lain kaistrina djoeragan Soelaeman. „Iboe, .........." saoerna. „Naon? Eta deuleu tah, mangkëloekna noe ngalantarankeun nëpi ka kieu teh, eta doea hoeloe, noe ngawarah teu bageur teh, toeloej mamawa andjing ngoesoetkeun batoer." Isoekna noe teu damang beuki pajah, doktor diteang deui. Geus mariksa, njërat rësep. Dërëgldëg noe meuli oebar ka roemah obat. Datang boeroe-boeroe dioejoepkeun sasendok, tapi oebar teu asoep dioetahkeun deui. Noe teu damang ngalëmpreh peureun, dirioeng koe iboe-rama, saderek djeung koelawargi noe landës. Tëngah peutingna, nja malëm Djoemaah, noe teu damang njaoer iboena. Geuwat di sampeurkeun sarta dipariksa: „Naon, Ijah?" „Mana ama sarëng tjeuk Halimah?" „Ieu sarerea oge aja," saoer ramana. „Iboe, ama, atjeuk, doakeun abdi rek wangsoel ajeuna. Itoe noe mapagkeun bisi kësëleun. Baing oge ka dieu, tah." „Rek balik ka mana, Ijah? Apan ieu imah oerang," saoer iboena, Ramana ngarontok, poetra diamboeng, rarajna mani baseuh koe tjisotja, mastakana dilahoen. Saoerna pëgat : „Didoakeun geulis, sing ditarima koe Pangeran, ama oge moal lila noetoerkeun. T i bareto ogengan noeng noenggoeannjai."
Imoet minangka ngawalon ka rama. Ret ka iboe, ret ka saderek, poerëlëng deui moelan. Ngagajoeh kana poekoel 1 ngahandjoe, tjëkeuk. Lastari nëpi ka djangdji, malati leungit seungitna, manoesa kari lajonna. Dëngek Ënden Halimah, ngadjërit maratan langit, ngarontok saderek kari lajonna. Iboena ngotjeak nëpi ka lëslësan. Raong sakoer noe aja di dinja istri koelawargina, baroedak noe dibawa ngendong haroedang, miloe tjeurik ear. Tatangga sakoer noe dareukeut mah mërëloekeun datang. Lajon dipajang, diebogkeun c& tëngah boemi, diroeroeb koe sindjang noe araloes. . Isoek boemi noe kapapatenan pinoeh koe noe ngalajad djeung noe babantoe. Para istri sawareh njajagikeun keur njiraman. Sa-