pĕrti: oerang Djawa, oerang Malajoe, oerang Kĕling, oerang Arab, pendekna kabeh bae sakoer noe ngangkĕn Islam mah, mĕrĕloekeun miloe. Sok soemawonna noe njaho maksoedna, noe teu njaho di ata-oetoena oge miloe, kabawakeun koe kagoejoeban, gĕgĕdena rĕsĕp, rame. Ditingal boektina saliwat, komo koe djĕlĕma noe teu njaho kana hal Rĕbo wĕkasan, teu siga² djĕlĕma rioek, ibadah moentang ka Allah, hajang didjaoehkeun tina balaï, tapi anoe keur matjangkrama, reuah² soekan-soekan. T i imah boedal sapiri-oempi, taja menak taja koering boedal ka Mataië atawa ka basisir. Ti lĕbah Oeloeëlheuë nĕpi ka Pantetjĕrmin djeung Moeara Atjeh, deukeut makam Sjech Abdoerraoef, noe baheula ngislamkeun oerang Atjeh, sapandjang basisir pinoeh koe djĕlĕma. Di laoet mangreboe-reboe noe marandi, nĕpi ka sisi laoet siga deet, loba karang, loba batoe, koe sirah. Di darat nĕba anoe keur barangäsakan dahareun. Haseup tingkarëboel tina toengkoe, bleg bae sisi kawah noe seuneuan basisir teh. Djĕlĕma pagaliwota matak lieur. Lamoen ditingal ti kadjaoehan, taksiran moal beda djeung sireum njĕngka pabalioet, lantaran roegroeg hoenjoerna, atoeh da djĕlĕma riab ka pasir-pasir. Pesta bae, lamoen aja karasmenan mah.
Mindĕng aja bedjana dina waktoe boedal baralik, aja noe leungit atawa aja noe balik ngagotong majit, noe paeh titeuleum. Ari noe kapaehan koe tjape teuing, katoerĕlĕngan koe panas, noe mabok, noe toeloej gĕring, teu koedoe ditjaritakeun.
Koemaha noe ngarora waktoe eta? Eueuh, atoeh poeasa manggih lĕbaran, moho kana kasoekaan.
Kira² poekoel sapoeloeh beurang djol mobil, eureun di hareupeun saoeng pamandian Oeloeëlheuë. Djoet noe taroempakna opatan taroeroen, toeloej laleumpang mapaj basisir, mobilna sina noenggoe di dinja. Geus rada lila meueusan, geus djĕboel deui noe opatan daratang, bareureum koe panas djeung kesang' loeoet-leet, tjat ka emper saoeng pamandian, toeloej darioek dina korsi bari njoesoetan kesang koe tjaretjet. Geus aso djeung pepes kesang, tjat deui aroenggah kana mobil. Arek djoeng pisan, sora mobil ngagĕdĕr, kerekek......djĕtroek......sĕr mobil madjoe lalaoenan, brrr......brrr.......haseup ngĕboel mani moelek djĕkloek srrh.......dioes bae ngĕboet rek ka Mataië. Ari rĕg mobil eureun di Mataië, ngong ti tĕpas saoeng aja noe