Lompat ke isi

Kaca:Bentang Atjeh.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
23

.Waktoe ngarandĕg sakeudeung teh, handapeun tjaringin aja noe ngolepat, njalingkĕr. Ti keur anggang keneh pamĕgĕt noe ngabroel teh diawaskeun. Barang geus rada deukeut mah, teu samar deui tetela ka sora-sorana, geuwat njalingkĕr, era sieun, kawantoe landjang gĕde kaera, heug sorangan di dinjana.

„Astaga, tjek pikirna, „naha los ka mana-mana teh, gok deui gok deui papanggih djeung eta."

Angĕn ratoeg, dërëgdëg ngabigbrig ka lĕbak, njampeurkeun ka noe keur masak. Wani soteh balik, noe ngaraliwat geus teu tembong. „Hadena areureunna tadi lĕbah batoe gĕde," tjek pikir noe balik. Teu lila noe masak rengse.

„Tas ti mana, Ijah, bieu teh, haroehah-harehoh?"

„Itoe ti ditoe, iboe, ti handapeun tjaringin.

„Oelah sok loeloempatan tjara boedak leutik, era geus gĕde."

„Tjalik bae di dieu mah, panas, iboe. Oerang ka goeha anggoer."

„Hajoe," saoer iboena.

„Soemoehoen, mangga ah, abdi oge ngiring," tjek noe sedjen sababaraha oerang.

Prak dangdan obor, ti dinja bring saaleutan, Ěnden Siti Saniah djeung para istri tatanggana, ngadjoegdjoegi goeha. Di lawang goeha obor disareungeut, boes arasoep ka djĕro.

„Kade Ijah, sing ati-ati, tah di hareupeun aja noe djĕro djeung rada laleueur," saoer iboena.

„Moal, iboe," walonna.

Kakara ge balĕm, tas ngadjawab, geus koetjoeprak oborna moerag, tjeos kana tjai. Bis bae noe geulis geubis, moen teu aja noe njĕkĕl bahoena.

„Atos-atos Ěnden, laleueur," saoer pamĕgĕt noe ngadjewang.

Da teu samar kana sora djeung dĕdĕgan, nadjan teu tetela rarajna oge, noe geulis ngĕlĕpĕr nganoehoenkeun, pokna: „Oepami teu koe ĕngkang abdi tjilaka." Lĕbah njĕboet ĕngkangna mah mani ngaharewos.

Iboena Siti Saniah mani ngadjerewet, barang obor ngoetjoeprak teh: „Lailaha illëloh, Ijah!" barĕng ngagĕrona djeung Ěnden Halimah.

„Noehoen Agan! Lailaha illëloh, hadena aja Agan!" saoerna ka noe noeloengan.

„Kalĕrĕsan bae, heheh," walon djoeragan Rachmat.