Lompat ke isi

Kaca:Bentang Atjeh.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
25

wan teh bangsa Atjeh, bangsa oerang toelen. Istri noe pangheulana di oerang meunang pangadjaran sakola, bisa basa Walanda, pendekna istri modren. Ari Rachmat djělěma noe modren pikiranana. Djadi pada kaoem moeda. Lamoen ngahidji katalian koe djodona, asa sageuj teu dek pada soson² djadi pamingpin pikeun kamadjoean bangsa oerang awewe-lalaki. Lain kitoe maksoedna pakoempoelan oerang teh? Ieu mah lain ngomong heuheureujan atawa pangoloan, noe saěnjana.”

„Ali, euweuh goenana eta omongan teh, lalawora. Na geus ngadenge dewek ngalamar? Koemaha lamoen itoe malik teu soeka, didjangdjaroehkeun ka dewek, noe lain babadna, lain era? Beu, moal ěnja teuing, euj, ěmas dipasangkeun djeung koeningan. Djeung dalah teu kitoe oge, teu hade bae oerang njarita-njaritakeun istri pantar eta palěbah dieu. Koe sabab eta, tjaboet deui omongan noe tadi teh.”

Kědalna bae kitoe soteh, da dina hatena mah pangharëěpanana gěde alah batan goenoeng.

„Horseh! horseh!” Babatoeranana soerak. „Běněr euj, tjapetang. Hajo Ali ! djawab!”

„Ih, oelah salah tampa Mat, sabab tadi ge geus ditěrangkeun, lain omong pangoloan, ieu mah njaritakeun pangharëpan. Kapan didinja djadi panoengtoen dina pakoempoelan, dina waktoe kongres geus biantara boga tjita hajang ng'amadjoekeun kaom istri. Lamoen hěnteu dibarěngan koe istri deui, moal laksana pakarěpan oerang. Saajeuna teu boga deudeuleuan noe sedjen, lain ti M a lati Meureudoeati, noe kaěrong pantěs pibisaeun babarěngan djeung didinja. Pek timbang koe sarerea.”

„Hěěh běněr,” tjek Abidin, „tapi ieu geus poekoel opat meudjeuhna balik. Njao, ari rek ngarendong mah di dieu.”

„Lailaha illěloh, ěnja bae, teu kanjahoan deui geus poekoel opat. Hajoe ah!” tjek noe teu pati loba omong.

Gantjangna baleberes, djongos dipěrěsen, rekening dibajar, toeloej boedal.

IV PINDAH PANGANDJREKAN

Dina sadjěro lima boelan teh ajana di Kotaradja, geus loba kawawoeh, loba sobat. Boes ka dieu-boes ka dieu logor, djělěmana pikarěsěpeun, bisa tjampoer, bisa mawa awak. Koemaha teu rek