pada mikarěsěp, da hade boedi, hade basa, moerah tangan, tara koret koe rědjěki saeutik, djeung sok daekan kěrna Allah. Kana roepa pakoempoelan asoep, djadi ělid, tapi ari gěgědena mah hatena kana Pagoejoeban Atjeh. Tjengeng karěpna hajang ngabantoe sabeaseun sabeunjeureun kana ngamadjoekeun bangsa Atjeh sakoemna. Enja anjar keneh tea mah di Kotaradjana, tapi djadi ělid V. A. geus heubeul, keur di Sigli keneh, djeung koe sarerea kanjahoan soson ngamadjoekeun pakoempoelanana, koe sabab eta dina waktoe aja pilihan bistir di Tjabang Atjeh, kapilih kana komisaris. Pangpangna noe djadi pikiran tina pěrkara pangadjaran djeung paoesahaan oerang priboemi. Tina hal pangadjaran mindĕng ngadoe běběněran djeung goeroe. Tina hal paoesahaan tjaritana djeung ahli tani, ahli dagang.
Tapi nadjan loba angkoh, loba tjabak, loba gawe kana njenangkeun hate, njěnangkeun badan hěnteu poho. Dipělětěr teuing kana gawe, badan djeung pikir tereh roeksak tjěnah, noe matak měrěloekeun pělěsir. Pasosore sok djalan ngoeriling atawa toempak kareta měsin djeung batoer-batoerna.
Dina boelan kagěněpna noe diandjrěkan ngalih. Djadi aja lantaran keur ngalih ti dinja, toeloej madjik di djoeragan Soelaeman, oerang Padang.
Saban sore di boemina djoeragan Soelaeman rea baroedak landjang anoe dialadjar karadjinan istri, sapěrti: ngapoet, ngarenda, njoelam djeung rea-rea deui. Ari goeroena istrina djoeragan Soelaeman, istri pintěr rapekan dina pěrkara daměl istri djeung boemen-boemen. Andjeunna kaloearan sakola karadjinan istri di Kota Gědang, katambah di Boekit Tinggi goegoeroe deui ka njonja.
Sanggeusna aja di djoeragan Soelaeman djoeragan Rachmat teh biasa sabareto bae, pasosore pasiar djeung noe kagoengan boemi atawa djeung noe lian. Peuting, nja eta saboebarna noe dialadjar tea, sok rea tatamoe oerang Atjeh, oeroet rentjang sakola djoeragan Soelaeman di Boekit Tinggi (Fort de Kock). Ieu oge nambahan pangabětah ka noe manoempang. Ana tjararios anoe djadi djědjěrna babakoena hal kamadjoean. Di dinja katembong karěpna djoeragan Soelaeman istri-paměgět ĕnjaan hajang ngadjoengdjoeng martabat istri, soepaja di ahir istri bisa tarawěkal tjara bangsa deungeun.
Dina hidji poě pasosore djoeragan Rachmat moelih ti sobatna