Lompat ke isi

Kaca:Bentang Atjeh.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
34

istri. Kapan anoe pangheulana ngatik pidjělěmaeun teh iboe, noevmawi iboe noe kědah tatas kaoeningana tina sagala pěrkawis pikeun kasalamětan djělěma. Abdi teu kintěn tjotjogna ka noe karagoengan manah, jen indoeng noe kědah mělak sagala roepi bibitna sipat kasampoernaanana manoesa di baroedak. Nanging lah, nja eta atoeh di Atjeh mah sěsah, tjeuk.”

„Sěsah koemaha aji?”

„Soemoehoen, tadi oge parantos disanggěmkeun oerang dieu těbih tinggaleunana koe noe sanes, koeno keneh pisan oerang dieu teh, teu njaah ka anak.”

„Wah, aji mah pirakoe. Di oenggal bangsa oge njaah ka anak teh aja. Geuning oerang dieu anakna teu meunang leupas tina panonna. Sanes saking koe njaah kitoena teh?”

„Tah eta sanggěm abdi „teu njaah ka anak.” Njaah kitoe pěta sanes njaah, nanging ngaroeksak anak, ngahalangan kana kamadjěngan. Njaah doelang seueur matakna, seueur awonna manan saena.

Ieu noe ditjarioskeun teh parantos karandapan koe abdi pribados. Waktos abdi bade mios noeloejkeun sakola, poen bapa sarěng poen biang rame parěboet. Kahajang ama abdi kědah těras sakola, poen biang keukeuh oelah, pageuh měgatan. Ama maksa ngadjoeroeng abdi mios, iboe teu iasa madjar koemaha. Saparantos abdi mios iboe ngoejoeng, djadi aloem.

Waktos pakantji rada lami abdi wangsoel, dongkap ka rorompok njampak iboe parantos salin roepi, djadi langsip sarěng měsoem. Barang djol abdi dongkap, ngarontok bari ngagěro nangis, abdi dirangkoelan digoegoeloeng, kawas ka noe dinjanaan moal dongkap deui. Salami abdi teu aja, tjariosna teu aja noe dipitjangtjam lian ti abdi, doegi ka goendam-goendam abdi noe disambat, dipisaoer.

Bade seep pakantji abdi wangsoel deui ka sakola. Tjariosna poen biang těras ngalanglajoeng kaedanan koe abdi, pedah patěbih. Heuleut opat sasih nampi sěrat kawat, iboe doegi ka hanteuna.

Ti sakola abdi pěrmios wangsoel ka lěmboer, kenging sasasih. Ti barang dongkap doegi ka mios deui, salami aja di rorompok teu aja towongna ngoeping noe měntog, wah roepi atoeh, anoe njeukseukan, noe ngananaha, noe moepoeas bae aja; pokna warna2, anoe poksang tjěplak pahang matak peurih kana ati, madjar teu njaah