Ari akal tea pěpěk, sapěrtos oerang njiar artos pangěmatna artos deui, ngala titiran dipikatna koe titiran deui, ngala laoek noe ngoeseup sok make eupan, sanes?”
„Aeh2, ari atjeuk bade angkat ka mana?” saoer djoeragan Rachmat bari imoet. Bade ngadjoegdjoeg anoe dimaksoed,” walonna.
„Lah edas, atjeuk mah sasaoeran teh djarěro nakěr, matak teu kahartos.”
„Sasaoeran henteu sae něgěl kěras, noe sae malapah-gědang. Geura dangoekeun.”
„Mangga, roemaos bělět abdi mah, kirang loeang ongkoh.”
„Aji parantos pangintěn ngadangoe atanapi maos riwajatna Kangdjěng Nabi s. a. w. Andjeunna ngaliarkeunana agama Islam ka para istri koe geureuhana sarěng para sahabatna.”
„Lěrěs, paněda abdi oge, moegi2 para istri anoe barinangkit anoe aja komarana, kěrsa ngarodjong ieu pamaksadan oerang.”
„Kantěnan ari ngarep-ngarěp mah teu aja lěpatna, ngan aja sěsahna satoengtoeng oerang goemantoeng kana sahajoena batoer, moal tjara boga batoer anoe sagoeloeng-sagalang, anoe sakarěp sarěng saoedagan.”
„Soemoehoen kitoe saena mah.”
„Djadi oerang teh parantos sapagodos, sanes?”
„Soemoehoen.”
„Noehoen ari kitoe mah. Nanging sěsah kadjadianana kenging batoer anoe soson ngabantoe kana sapamaksoedan oerang, oepami teu katalian. Kadoeana ari aji lalagasan bae mah, djělěma moal wěleh neundeun tjoeriga.”
„Soemoehoen kědah koemaha atoeh?”
„Na teu kahartos aji, maksad atjeukna?” saoer djoeragan Soelaeman.
„Noe mawi poëkeun.”
„Ari kirang terang mah, mangga koe atjeuk bade diterangkeun. Singgětna maksad atjeuk sarěng engkangna, soepados kang rai enggal kagoengan geureuha.”
Djoeragan Rachmat goemoedjěng: Abdi teh kědah enggal kawin?”
„Soemoehoen,” walonna noe doeaan.
„Soemoehoen, pěrkawis kawin atanapi gadoeh bodjo teh