kawadjiban lalaki, teu disěbat wadjib oge atoeh galibna, nanging iraha-irahana koe oerang teu kenging dipaksa. Koe margi eta moegi hěnteu běndoe, sadangět ieu teu atjan gadoeh emoetan kana gadoeh bodjo. Djadi moal tiasa ngiringan kana kěrsa atjeuk sarěng ĕngkang.”
„Teu oemoem aji, kědah enggal nikah.”
„Atjeuk, moegi oelah běndoe, tina pěrkawis rarabi abdi parantos gilig pikir moal noeroet koe diadoe-adoe, soemawontěn dipaksa mah. Kawin teh kědah soeka pada soeka, oelah koe paksa-piroesa. Adat sěpoeh papaksa nikahkeun poetra koe oerang wadjib dipěrangan. Adat awon kědah digěmpoer doegi ka toempoer ka akar-akarna.
„Oelah lěpat paham aji, atjeuk sareng engkangna teu pisan² bade maksa, tadi oge kapan parantos disěbatkeun něrangkeun maksad, nja aji diadjak barěmpag, hajang ngoeping koemaha mamanahan aji.”
„Noehoen ari kitoe mah. Abdi teh moal waka gadoeh bodjo, samemeh mendak anoe tjotjog sareng lělěmboetan. Noe mawi moal roesoeh gadoch bodjo, koe atjeuk oge tangtos kamanah, margi ĕngke saparantos abdi bodjoan teu moestahil lalamoenan noe ajeuna teh leungit samasakali atanapi woewoeh tarik. Djadi pilampaheun abdi goemantoeng ka pibodjoëun tea. Oepami kalěrěsan kenging noe sahate, bagdja tiasa loeloes, saoejoenan ngalampahkeun anoe dipiangen-angěn koe oerang. Kasieun teh kenging noe sabalikna eta, pangintěn abdi tikělěběk deui.”
„Tah, nja eta pangna atjeuk doeaan sarěng engkangna ngiring ngadoedoe'a, ngiring ihtiar, hajang ngadjoengdjoeng maksad aji.”
„Bade doegi ka mana atjeuk ngabantoe teh?”
„Doegi ka sampoernana noe disědja, lantaran atjeuk gadoeh titingalan. Tjek rarasaan atjeuk mah sageuj teu kamanah teh koe aji.”
„Saha tea, tjeuk?” saoer djoeragan Rachmat bari njerengeh.
„Boedak atjeuk, djaba ti wawarahan atjeuk, teh bekas sakola deui, moal matak era ngasongkeun ka hareup.”
„Saha, tjeuk? Di mana? Aja di dieu?”
„Oerang dieu, sok ka dieu, ka aji parantos těrangeun.”
„Saha, tara ningal boedak awewe ka dieu. Teu atjan ningal aja semah parawan ka dieu.”