„Toeh, nampik ari něpi ka emprona mah.”
„Ha-ha-hah,” djoeragan Soelaeman goemoedjěng. ..Mana oge ka istri mah kědah atos aji. Koemaha eta atjeukna ngadalak?”
„Ah, teu poegoeh atjeuk mah ngalilieur. Wargi atjeuk atanapi wargi ěngkang eta teh?”
„Disěbat baraja kenging, disěbat sanes baraja kenging.”
„His, djamakna adat awewe etah, aji,” saoer djoeragan Soelaeman.
„Sebatkeun bae ngaranna?” saoer istrina djoeragan Soelaeman.
„Bade disčbatkeun mangga, bade moal mangga.”
„Lěrěs aji, teu njana iasa meupeuh,” saoer djoeragan Soelaeman.
„Atoeh atjeuk bade ngeledan. Koemaha aji, aja tjop manah ka Sébatkeun bae, kang, ngaranna?” saoerna bari ngareret ka tjaroge.
„Enja, pok wae kainjah.”
„Siti Saniah, aji ngaranna mah.”
Siak raraj djoeragan Rachmat, toeloej olohok sakědapan, angěnna dagdigdoeg, pok ngawalon sěmoe noe hese:„Siti ............... Saniah ................?”
Anoe pada imoet, ngartos kana pětana noe anom barobah sakědep netra koe ngadangoe djěněngan anoe lěndjang didjeplakkeun.
„Jaktos eta, aji.”
„Aja halangan roepina ka dinja mah.”
„Naon halanganana?”
„Sajaktosna — soemoehoen bade waktja wae, da parantos kaoeninga ieuh — abdi teh ti barang těpang dina kareta api, waktos pindah ka dieu, dongkap ka ajeuna hate ngait ka manehna. Nanging teu aja pangintěn kasorang, margi ngoeping tjarios ti babatoeran, wah matak hoream ............”
„Koemaha tjariosna noe kadangoe ti rerentjangan?”
„Sěpoehna angkoeh, loehoer, sanes karajapaneun abdi. Parantos seueur noe dongkap, sadajana ditampik sapadjodogan, kětjapna, pětana teu aja pisan ngaragapna angěn batoer.”
„Na koemaha loehoerna teh?”
„Oepami aja noe dongkap sědja ngalamar, oeninga pokna? Moal dikawinkeun ka djělěma sambarangan Saniah mah, hajang ka noe