Lompat ke isi

Kaca:Boekoe Kaoetamaan Istri.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
-8-

Sarta njaho dina doengdoeoeman saoerang-saoerang, djadi menak teu dioenghak, abdi-abdi teu didjepit.

Djeung deui lamoen abdi-abdi tambah madjoe, menakna asa kadjoeroeng. Tangtoe kapaksa ngamadjoekeun pangarti njipoeh kamenakanana, oelah nepi ka dioenghak koe abdi-abdi. Djadi sakabehna pada madjoe!!

Demi sakola baris baroedak awewe oerang priboemi, anoe pangmimitina aja, nja eta di Bandoeng, lilana geus 7 taoen. Lila-lila aja deui di tanah Djawa, nja eta di Karang Anjar, djeung di Bogor. Tjariosna aja deui di Serang djeung di Tjiamis.

Dina boelan ieu anoe ngarang ngadamel karasmenan di Societeit „Paroekoenan," kalawan kersana Kangdjeng Boepati Bandoeng, tawis loeloes eta sakola di djero 7 taoen (Jubilieum).

Sagala karadjinan djeung kaanehan boeatan baroedak sakola istri ditembongkeun kasadajana didjieun tongtonan.

Kitoe deui anoe ngarang harita matja, njaritakeun sagala pamendak, ti awit ngadeg sakola doegi ka ajeuna.

Ningal harita sakitoe roana njonja-njonja, toean-toean pangagoeng djeung menak-menak anoe naringali, kitoe deui abdi-abdi ti piloearan, moenggah rea noe warangsoel deui beakeun tempat, eta djadi tanda sami panoedjoe ningali kamadjoeanana boedak sakola.

Demi sagala pamendak anoe ngarang tea diboekoekeun; nja ieu: