I
Dina taoen ieu noe ngarang geus djedjeg toedjoeh taoen lilana djadi goeroe „sakola istri” di Bandoeng.
Ari asalna pisan ngiring kana kersana Kangdjeng Toean Inspecteur sakola „C. den Hamer,” anoe ajeun geus pansioen moelih ka nagara Walanda. Andjeunna anoe mimiti ngadegkeun sakola baris baroedak awewe bangsa oerang priboemi, nja eta di Bandoeng Sareng moepakatna Kandjeng Boepati Bandoeng, Raden Adipati Aria Martanagara.
Eta sakola mimitina diboeka dina tanggal 16 boelan Januari 1904, moeridna aja 60, ari goeroena tiloean.
Demi tempatna di paseban koelon pajoeneun kaboepaten, anoe ajeuna dianggo kantor bank (Bandoengsche Afdeelings bank). Ari ajeuna geus boga tempat sorangan moeridna aja 210, goeroena lima.
Samemeh djadi goeroe, noe ngarang geus resep mapatahan baroedak awewe, babakoena koelawarga, nja eta ngarenda, njoelam, ngarantjang djeung tata basa.
Barang pok oge didawoehan koe Kangdjeng Toean Inspecteur, jen anoe ngarang rek didamel goeroe sakola, teu kira-kira boengahna, tjek babasan tea mah asa mobok manggih gorowong. Toeroeg-toeroeg karempoegan koe sepoeh.
Koemaha anoe matak boengah rek didamel goeroe teh? Toer sadajana pada oeninga, teu aja pangabisa, tjoepet boedi, toena nja panemoe.
Ari noe matak boengah teh kieu: