1e. Resep mamatahan baroedak tea djadi kebat djeung baroedak tambah teteg hatena sabab kawoewoehan koe parentah pangagoeng.
2e. Djadi goeroe teh nadjan awewe, lain lampah hina, teu ngarempak tjegahing sjara. Noe dipalar oerang Soenda awewena bisa madjoe, noeroetan oerang Eropa, malah mandar bangsa oerang teu dihina teuing koe sedjen bangsa.
3e. Boga gawe anoe tangtoe; karana awewe anoe teu poegoeh gawe, loeangna sok ngoeloewoet, toengtoengna roepa-roepa, perkara ieu sadajana oge pada oeninga atawa ngaraos.
4e. Pangkat goeroe teh koe boedjangga mah diseboet martabat pangloehoerna, geuning aja tjatjandran karoehoen: anoe koedoe ditoeroet teh aja tiloe: goeroe, ratoe, wong atoea karo. Djeung deui boektina oge goeroe teh toekang ngawoeroek pangarti, mapatahan kahadean, soegan tjek babasan „bodo geo” oge hamo kabina-bina teuing, djeung deui aja babasan walanda, pisoendaeunana: lamoen daek ngoembah leungeun kentja, leungeun katoehoe oge miloe bersih.
5e. Djeung noe djadi goeroe mah sok rea pamendak, saban poe nambahan, lantaran kapaksa djadi kolot baroedak, ditanja koe baroedak.
6e. Pangarti djeung pamendak teh anoe baris ditoetoerkeun koe djelema salawasna hiroep, nja eta saoepama obor, baris njaangan djalan ka noe poëk.
Di djero tiloe opat taoen mah nja djadi goeroe, teu eureun-eureun dipalisaoer, mani asa rawing tjeuli, koe noe mojok, basana roepa-roepa: „Ngapeskeun