Lompat ke isi

Kaca:Boekoe Kaoetamaan Istri.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
— 12 —

kolot, kawas noe teu dibere teu dioeroes, teu pantes bangsa oerang mah awewe djadi goeroe sakola, euweuh ti baheulana, aja oge goeroe ngadji djeung rea-rea deui lian ti kitoe. Pangmalisaoer kitoe, boh menak boh somah lantaran koerang pamanggih kabaheulaan keneh. Teu emoet kana babasan ,,baheula-baheula, ajeuna-ajeuna”.

Tatapi noe ngarang teu pisan galideur, oenggoet kalindoean, gedag kaanginan, sabab geus djamak bae anoe hiroep teh, nadjan sakoemaha hadebageurna ge, sok aja bae anoe dengki. Moenggoeh dibangsa oerang noe matak dengki batoer teh aja tiloe: banda, bagdja, roepa.

Soemawonna barang geus rame basa Kaoem Moeda, beuki pangger hate teh.

Naon eta Kaoem Moeda teh, djeung koemaha karepna?

Ari noe dibasakeun Kaoem Moeda teh bangsa oerang, awewe, lalaki, Soenda, Malajoe, Boegis, Makasar, anoe karep „ngamoeljakeun dirina,” koe lantaran pangartina djeung kanjahona, sarta kadaekna. Eta Kaoem Moeda djolna ti djelema pinter, njaeta hidji oerang Malajoe, ngaranna Abdoel Rivai: tina kapinteranana djeung temen wekelna sarta tjoetjoed kana ngoelik pangarti, ajeuna nepi ka bisa djadi Dokter Militair di Tjimahi,[1] paloenggoehanana teu beda djeung dokter-dokter Eropa.

Koe sabab eta noe ngarang harita beuki pangger njekel bebeneran sorangan, sebelong-bentor miloe ngeureujeuh dina djaman kemadjoean. Ari noe dipikir beurang peuting di belaan hese tjape, teu

  1. Ajeuna geus ngalih ka Fort de Kock,