pitepieunana; koerang-koerang oentoengna mah meureun kaleboeh!
Ngan, geus kitoe bagdjana eta baroedak; bet oedjoeg-oedjoeg djol kapal gede. djeung sakitoe santosana, ngaping djeung noedoehkeun djalan ka nagara kamadjoean tea.
Tjik naon anoe disilokakeun kapal gede teh?
Ari anoe disilokakeun kapal kapal gede teh, nja eta ajeuna di Bandoeng ngadeg hidji pakoempoelan, atoeranana Kangdjeng Toean Inspecteur sakola anoe ajeuna J.C.J. van Bemmel., maksoedna baris nga madjoekeun baroedak awewe.
Koe sabab kitoe, eta pakoempoelan koe Kangdjeng Boepati Bandoeng disebat pakoempoelan
„Kaoetamaän Istri”
II
a. Ari ngadegna eta pakoempoelan, tanggal 5 November taoen di loehoer 1910.
Dina waktoe anoe kaseboet diloehoer, anoe ngarang ditoedjoel koe kangdjeng Toean Resident W. F. L. Boissevain koedoe djogo dikaresidenan poekoel toedjoeh malem Ahad.
Kitoe deui ngahatoeranan linggih toean-toean djeung njonja-njonja anoe sami misoeka kana kamadjoean istri oerang Soenda, soepaja ngaloeoehan eta koempoelan, loeloegoena Kangdjeng, Toean Inspecteur sakola, Kangdjeng Bopati Bandoeng, djeng aja tiloe Raden Ajoe.