Ieu kaca geus divalidasi
― 15 ―
Dina waktoe eta koempoelan ditetepkeun anoe djadi pamarentahna (Bestuur), nja eta njonja-njonja djeung Raden-raden Ajoe bae, anoe sami kersa ngamaodjoekeun kana kapinterannana awewe oerang Soenda.
b. Noe rek dioeroeskeun koe eta commissie, diheulakeun sakola istri di Bandoeng, ari ngoeroesna kieu:
- Commissie njoehoenkeun ka pangoeroes soepaja eta pakoempoelan „Kaoetamaān istri” dipaparin kakoetan anoe tegoeh (rechtspersoon).
- Eta commissie dibagilirkeun doea-doea (Njonja hidji Raden Ajoe hidji) sakoemaha anoe kaseboet di loehoer, soemping ka sakola istri; marios naon kakiranganana, naon anoe koedoe diajakeun, naon anoe koerang hade.
- Di mana geus kagiliran sadajana, toeloej deui ngadamel koempoelan, ngabarempagkeun beunang marios tea.
c. Ari piongkoseunana, saheulaānan kieu:
- Kandjeng Toean Inspecteur ngadamel serat ideran, ka toean-toean djeung ka njonja-njonja, njoehoenkeun pitoeloeng, soegan kersa maparin oeang oeroenan, saban boelan atawa sakali baē.
- Kitoe deui Kandjeng Bopati ngadamel serat ideran, ka menak-menak djeng kolotna baroedak tea. Maksoedna tjara di loehoer.
- Lamoen eta oeang oeroenan teu mahi, rek njieun lotre, gede leutikna djeung atoeranana ditimbamg koe Kandjeng Toean Resident sareng Kandjeng Toean Inspecteur.