Lompat ke isi

Kaca:Boekoe Kaoetamaan Istri.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
― 16 ―
4. Oepama eta doeit leuwihan, rek dianggo deui ngadamel sakola istri, saperti di Garoet atawa di mana baë, anoe katimbang perloe aja sakoia istri.(*)[1]

Tah sakitoe pangatoeranana Kangdjeng Toean Inspecteur, kalawan moepakatna Kangdjeng Bopati,baris mikawelasna ka baroedak awewe,soepaja madjoe pangartina djeung pangabisana. Perkara ieu tangtoe geus kamanah koe andjeunna lain lalaki baë koedoe madjoe teh, awewe oge koedoe madjoe, sina lajeut djadisaaleutan. Karana meureun geus ngadangoe oge, aja pameget anoe pinter, ari geureuhana teu pisan aja kabisa, salawasna laki rabi soesah baë.

Djeung awewe teh popodjokannana boga salaki, sok boga anak. Eta anak teh anoe ngoeroesna, ngawarahna loembrahna indoeng bagianana: ari karepna sakabeh djelema oge saroea, hajang boga anak teh tjageur bageur. Tapi koemaha sangkanna kitoe? teu aja deui kadjaba ti indoengna koedoe boga pangarti, rea kanjaho, loba kabisa, nja-eta koedoe sakola.

Moega-moega baë sakoemaha kersana Kandjeng Toean Inspecteur tea geura aja poengkasna, moen pepelakan tea mah, moeloes djadina, ngemploh daoenna, ngarangkadak dahanna, leubeut boeahna.


  1. ↑ Pangharepan commissie teh, beunang diseboetkeun oentoeng. Soerat oeroenan anoe diiderkeun djeung lotre doeit tea, beubeunanganana tjoekoep baris ngamadjoekeun sakola istri di Bandoeng, malah mahi djeung baris noeloeng (pakeun), keur ngadegkeun sakola istri di Garoet.