III
Ajeuna rek malikan deui tjarita, naha perloe awewe teh disakolakeun soepaja pinter?
Karereaänana djelema pamilihna kieu:
1. „Ah, awewe mah teu koedoe sakola, da nadjan pinter oge moal djeneng tjara lalaki. Asal bageur baë, bisa ngedjo, bisa njambel, beberes di imah, keur koemawoela ka lalakina.
Tjenah hajang bisa noelis, menta bae dipapatahan ka salakina”
2. Aja deui noe kieu panalarna: „Hih tjoemah awewe disakolakeun teh, ana geus pinter noelis, sok dipakesoesoeratan teu poegoeh, matak narik kana teu bageur. Mending tjitjing bae di imah, mantoean digawe ka kolot.”
3. Ari bangsa santri mah lain kitoe pamilihna, kieu: „Is, awewe mah lain disakolakeun, sina ngadji, diadjar rarakatan salat, ngadji sipat doea poeloeh, tasaoep, ambeh bageur, aja keur megat napsoena: da awewe mah koedoe gede bendoengan.”
5. Aja deui pamilih bangsa santri, anoe kadangoe koe Kangdjeng Boepati Bandoeng: awewe mah teu meunang katendjo koe lalaki sedjen, anging koe salakina djeung akrabna. Koe sabab eta awewe mah teu hade disakolakeun.
Tjing mana anoe bener?
Tjek pikiran anoe ngarang, kabeh oge teu salah, da karepna mah saroea, njaeta bisi anakna teu bageur. Tapi moenggoeh djelema teh awewe lalaki oge teu tjoekoep koe bageur woengkoel da koedoe