—18—
djeung boga pangareti, pangabisa, pikeun njiar kahiroepan dina mangsa teu aja noe maradah keur ngadjaga kasalametan, nolak balai, djeung djaba ti eta.
Djeung deui, lamoen boedak awewe teu sakola naha pagegedanana tangtoe bageur? Beu! nistawong ngoetjap, kapan aja babasan, nadjan dipetian beusi oge, ari rek goreng mah nja goreng baë. Djeung atoeran sakola teh anjar keneh, tibaheula mah tara aja noe sakola. Naha baheula tara aja djelema goreng?
IV
Koemaha anoe matak karereaanana djelema, kitoe pamilihna?
Eta lantaran teu atjan terangeun pisan goenana (hasilna) sakola, pangirana di sakola teh diadjar noelis baë atawa matja boekoe djeung itoeng-itoengan. Halna djaba ti eta (poko), rea deui pangadjaran anoe perloe pikeun kaoetamaan djelema hiroep.
Koe Kangdjeng Toean Inspecteur, sakola teh disebat : de bron van het leven. Tegesna sakola teh hoeloe wotan hiroep, sabab djaba ti poko tea, baroedak teh dipaladjaran:
- Berseka: nja-eta awakna, papakeanana, parabot sakola, tempat dioekna koedoe bersih. Apik baranghakan, oelah garawagan.
- Tata: nja-eta sagalapetaberesdjeung rintihgoejoeb atawa bareng djeung batoer, adab-adaban keur ka menak, keur ka sasama, keur ka kolot. Make pantes djeung lajak.
- Basa: bener makena, henteu pahili,iköur ka menak djeung keur ka somah, bisa njarita, bentes