Ieu kaca geus divalidasi
— 19 —
ngepokkeunana, djeung henteu tjawokah atawa tjaloetak.
- Toekoeh: kana waktoe, saperti keur digawe (diadjar) oelah dipake oelin djeung sabalikna. Mandi, njatoe, heës koedoe dina waktoena, djeung, angger.
- Noeroet: nja-eta ngalampahkeun parentah goeroe, parentah kolot anoe bener saregep digawe, hade gawe djeung anggeus, tjepet bener, henteu bohong.
- Soeka: nja-eta njiar kaboengahan ati, tembang, ngawih, tatabeuhan, ngadongeng, nendjoän gambar aloes (tjotjoön), oelin djeung batoer, njieun karadjinan.
- Hade hate, beresih ati: Saperti rapih djeung pada batoer moerid, tara maseaän, njaah ka babatoeran, henteu pelekik, ka noe lian daěk noeloeng, sabar, tara goeroeng goesoeh, henteu koemaki, poepoedjieun, sirik pidik, iren panastren.
- Gemi: saperti diadjar ngampihan doeit(njengtjelengan), sangkan njaho di harga doeit, hesena njiar doeit, engkena sina bisa ngeureut mitjeun,bisa mahi koe saeutik, rea njesa.
- Mikir atawa pamilih: nja-eta moekakeun akal sangkan engkena bisa mikir, bisa milih hade djeung goreng, salah bener, ngeunah teu ngeunah.
Demi sakola istri di Bandoeng ditambah ajeuna 3 roepa pangadjaran, nja-eta:
- Karadjinan istri, saperti: njoelam, njongket, ngarenda, ngabere, ngabedahan djeung ngapoetna papakean, njieunkembang kertas, ngagambar djeung djaba ti eta.