-20-
- Imah-imah, saperti: hal beberes, entep-entep njeuseuhan nilepan djeung ngistrik papakean, ngoembah djeung ngabersihan parabot, ngaroris pakarangan djeung ngoeroes dahareun.
- Olah. Diadjar olah-olah deungeun sangoe, djeung deungeun ngaleueut bangsa oerang.
Kapajoen-pajoenna baris diadjar ngabatik, njaeta noelis samping, totopong, karembong, djeung ngadawolong.
Koesabab eta boedak anoe tjoetjoed sakolana mah nepi ka tamatna, beunang diarep-arep djadi djelema hade, tjek babasan tjageur bageur, tjepet bener boh awewe boh lalaki saroea baë.
Anoe ngarang mindeng mendak baroedak awewe dipasar baroe di Bandoeng, kaloearan sakola istri di Bandoeng, geus bisa noeloeng kolot kolotna, njekel patlot djeung boekoe notes, noeliskeun barang, atawa njatet anoe majar hoetang, noe ngajoeh dagangan. Djeung deui geus rea anoe dagang koetang, badjoe erok, renda renda, sapoetangan soeat
Ieu geus kaoeninga koe noe agoeng, sarta djadi. kaboengahanana, tina ningali kamadjoeanana abdi-abdi. Sarta lamoen sakabeh orang priboemi (kolot kolot) dimana-mendi geus ngarti kabeh kana hasilna awewe disakolakeun, saperti noe enggeus-enggeus di Bandoeng, tangtoe abdi-abdi beuki tambah-tambah madjoena.