Ajeuna rek njaritakeun paham dokter, pasal boedak.
Ari tarekah (sarat) soepaja boedak pagegedeanana djadi djelema hade, tiboeboedakna koedoe tjageur, njaeta henteu rea kasakit dina badanna, henteu apes pantjadriana, nja-eta: seukeut deuleu, seukeut ambeu, awas denge, pertjeka, padang ati.
Saoer Raden Doekter Saleh penjakit eta aja doea
1. Kasakit bawa ngadjadi, ti barang gelar ka doenja geus aja, eta kasakit diseboetna toetoeroenan (ervelijke ziekten, atawa kwalen). Hartina kasakit, adat djeung tabeat ngala ka sepoeh-sepoehna.
2. Panjakit djeung adat kabiasaan, anoe datang pandeuri nja-eta sanggeus gelar ka doenja, saroepa rieut, lieur, seneul angen, moeles beuteung djeung rea rea deui.
Djeung noeroetkeun koemaha tjatjampoeranana djeung piaraannana boedak, seperti ttampoer djeung menak bisa adab tatakrama tjara menak, djeung bisa djadi menak.
Sabalikna nadjan poetra menak ana teu dipiara teu disakolakeun teu bisaeun djadi menak. Toengtoengna leungit ngaran kamenakanana, timboel goreng adat, goreng lampahna, mamawa kasarerea, ditoeroetan koe somahan, nja eta lantaran teu di piara atawa diogo ditoeroet sakarep-karepna ti lenleutik, ari geus gede mah hese diwarahna. Geuning aja paribasa: Awi betinang soteh dipelengkang-pelengkoeng keur ngora keneh, ari geus kolot mah manan beunang kalah potong.