Ieu kaca geus diuji baca
- 5 -
toedjoeh roepa, anoe diseboet koe boedjangga Malajoe: Bangsawan, hartawan, boediman, setiawan, goenawan, darmawan, sastrawan.
- Bangsawan, tegesna menak gede, toeroenan ti Iboe ramana, agoeng paloetiggoehannana, toetoeroenan ngereh nagara.
- Hartawan, tegesna beunghar teu aja kakoerangan, soegih moekti djeung rea rahajat.
- Boediman, nja eta pinter, lantip boedi, titih soerti, gede wiwaha, asak djeudjeuhan.
- Setiawan, nja eta soetji ati, hade hate, adil, sagala reudjeung timbangan, oetjap djeung peta sabenerna, sapantesna.
- Goenawan, sagala atoeranana matak hasil ka abdi abdi, djadi kasenangan ka sarerea, djadi kaoetamaān ka salirana, kersa miwoeroek mitoetoer ka noe teu njaho.
- Darmawan, tegesna welas-asih ka abdi-abdi, noeloeng ka noe boetoeh, njaāh ka noe sangsara, mere maweh ka saderek, hormat djeung tilawat ka sepoeh-sepoeh,
- Sastrawan, tegesna pinter noelis, pinter itungan, rea aloeran, pertjeka jasa tjarita,
Koesabab eta ngaran menak teh di’ sagala bangsa dihormat koe abdi-abdi, piwoeroékna djeung laranganana digoegoe.
Toeroenan. menak anoe kaseboet di loehoer, nadjan teu djeneng oge sok katoeroet djeung kaimpoéngan koe abdi abdi,
Koe sabab eta menak teh lamoen ngadjalankeun