hade atawa goreng, gampang pisan ditoeroetanana koe abdi abdi.
Ningal katerangan kitoe, anoe ngarang ieu boekoe, gadoeh pangarep-ngarep, lamoen istri-istri menak kersa roekoen djadi hidji, ngamadjengkeun abdi-abdi, tangtoe laoen-laoen oge abdi-abdi oerang priboemi maradjoe, madjoe pangartina, madjoe pangabisana, madjoe kadaekna, hade lakoe lampahna, hade adatna, tjindekna salamet hiroepna.
Lamoen abdi-abdi kabeh geus mangarti, geus rea pangabisana, tjik saha noe tambah senang?
Nja menak-menak keneh bae, noe tambah senang teh, sabab tangtoe sagala parentah djadi, da rea noe njabak. Soegan kakeuheulan koe badega koe pangasoeh, lantaran euweuh kanjaho, taja kabisa teh, lila-lila mah leungit.
Koemaha atoeh prakna pikeun ngamadjoekeun abdi-abdi teh? Nja eta koedoe aja tempatna atawa sakolana. Ari goeroena oetama koedoe welasasih, oetjap djeung peta sabenerna, sapantesna, koedoe njaho ditatakrama, soepaja katoeroet atawa kaimpoengan koe abdi-abdi tea.
Oepama teu aja istri-istri menak noe kersa djadi goeroe sakola, njeta miwoeroek abdi-abdi tea, asal kersa nangtajoengan bae (djadi koemisi) merloekeun soemping ka sakola istri, saboelan sakali atawa saboelan doea kali, miwoeroek tata basa atawa maparin terang ka goeroena, naon-naon anoe perloe awewe koedoe bisa.
Meureun aja oge noe rek njarios: Eta lamoen abdi abdi palinter kabeh, henteu aja menakna, tjara