loehoereun ijeu hěnteu beunang dipěrkarakeun, lamoen geus salahoen lilana ti watěs prakna kalampahkeun.
Lamoen měrkarakeun kana pangadilan samemeh toetoep eta tempo, beunang diladjoekeun pěrkarana. Prakna nërapkeun hoekoeman hal eta dosa noe aja dina soerat poetoesan (vonnis) dibadakeun, lamoen geus sapoeloeh tahoen lilana ti watěs poë didjadikeunnana pisan eta soerat poetoesan. Tempona bakal měrkarakeun dosa pitěnah dieureunkeun heula, sabot pangadilan mariksa pěrkara-pěrkara noe ditoedingkeun sakoemaha atoeran artikel 286.
§ III.
Ngoear-ngoear rasiah.
Art. 296. Dokter, doekoen, toekang goedang obat, paradji djeung djaba ti eta noe dipěrtjaja rasiah tina sabab pagaweannana, kari-kari ngoear-ngoear eta rasiah, kadjaba dina hal noe wadjib manehna ngoearkeun, eta dihoekoem kerdja paksa teu make rante tina hidji něpi ka gěněp boelan djeung děngda oewang tina lima poeloeh něpi ka doea ratoes lima poeloeh roepia.
BAB II.
Kasalahan djeung ngalanggar larangan kana milik.
BAGIAN I.
Hal maling.[1]
Art. 297. Saha-saha noe njokot barang lain milikna sarta
- ↑ Hal maling kai ti leuweung ditangtoekeun dina Staatsblad 1875 no. 216 Dĕmi hal ngabadjo atawa ngabadjag pihoekoemaneunnana ditangtoekeun dina Slaats-blad 1876 no: 27.