Ieu kaca geus diuji baca
BOEKOE WET
HAL
PANGADILAN HOEKOEMAN
BARIS
OERANG PRIBOEMI
DI
INDIE-NEDERLAND.
BOEKOE MIMITI
HAL KASALAHAN, NGALANGGAR LARANGAN DJEUNG HOEKOEMANNANA.
PASAL I.
Hal kasalahan (misdrijf), ngalanggar larangan (overtreding) djeung njoba kitoe noe pimeunangeun hoekoeman (strafbare poging).
Art. 1. Ngalanggar larangan (overtreding) nja eta migawe atawa henteu migawe hidji kalakoean, noe dilarang atawa dimistikeun dina soerat soerat parentah atawa atoeran politie atawa parentah wet hal beja-beja djeung pacht oepěti nagara,