Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

6

anoe pihoekoemaneunnana henteu leuwih ti dikěrdja paksa teu make rante djeung diděngda oewang, dirampas barangna atawa hěnteu, salah sahidjina atawa sakabehna; djeung deui anoe dilarang atawa dimistikeun dina oendang-oendang oemoem pihoekoemaneunnana kěrdja paksa dina pagawean nagara diparab teu diboeroehan (krakal), dirampas barangna atawa henteu, salah sahidjina atawa sakabehna.

Diboei koe lantaran teu bisa njaosan oewang dengda noeroetkeun parentah oendang-oendang hal eta, eta henteu diitoeng asoep kana langgar larangan noe pantěs dihoekoem.

Art. 2. Kasalahan (misdrijf) nja eta migawe atawa hĕnteu migawe naon-naon noe dilarang atawa dimistikeun dina oendang-oendang oemoem, oemoem, serta didjangdjian hoekoeman, djeung anoe teu asoep kana hal ngalanggar larangan.

Art. 3. Naon-naon noe geus njata djeung anoe tĕrang geus ngamimitian prak njoba migawe kasalahan noe hoekoemannana leuwih beurat manan kěrdja paksa teu make rante, kari-kari teu djadi niatna migawe kasalahan, koe sabab kaběněran aja halangan atawa koe sabab lain koe karěpna noe boga dosa pribadi, eta noe kitoe, kadjaba katangtoean panoengtoengna ijeu artikel, disiksa koe hoekoeman anoe pangdeukeutna kana hoekoeman kasalahan eta.

Ngan ijeu katangtoean teu keuna kana dengda atawa panambahna hoekoeman, noe dikeunakeun saroewa bae ka noe geus prak milampah atawa ka noe njoba milampah hidji kasalahan.

Oepama kasalahan anoe geus prak kapilampah dikeunaän hoekoeman kĕrdja paksa make rante tjara noe kasěboet dina artikel 5 n° 4, hoekoemannana noe njoba milampah