Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

7

kitoe, kerdja paksa teu make rante tina hidji nepi ka lima tahoen.

Art. 4. Hal njoba ngalanggar soerat-soerat parental politie djeung atoeran politie, eta teu meunang siksaän.

Njoba ngalanggar larangan perkara sedjen, sapĕrti noe kasěboet dina artikel 1, atawa njoba migawe kasalahan anoe hoekoemannana teu meunang leuwih beurat kadjaba kĕrdja paksa teu make rante, eta keuna hoekoeman, lamoen asoep kana katangtoean hal kahidji (alinea kahidji) artikel 3, sĕrta lamoen ditangtoekeun hoesoes jen koedoe meunang hoekoeman. Lamoen kitoe, hoekoemannana saroea bae djeung migawe datang ka prakna, kadjaba lamoen aja katangtoean noe hoesoes, jen hěnteu koedoe kitoe; atawa lamoen hoekoemannana migawe datang ka prakna kěrdja paksa teu make rante, eta noe njoba migawe kitoe, dihoekoem koerang sapĕrtiloena hoekoeman prakna.

PASAL II.

Hal hidji-hidjina hoekoeman.

Art. 5. Hoekoeman anoe dikeunakeun kana kasalahan djeung ngalanggar larangan, nja eta:

  1. hoekoem pati,
  2. kěrdja paksa make rante tina lima něpi ka doea poeloeh tahoen,
  3. kěrdja paksa make rante tina lima něpi ka lima wělas tahoen,
  4. kěrdja paksa make rante tina lima něpi ka sapoeloeh tahoen,
  5. kěrdja paksa henteu make rante lila-lilana pisan lima