Art. 589. Katangtoean dina boekoe wet ijeu hënteu keuna ka djëlëma noe migawe kasalahan atawa langgar larangan noe asoep kana pangadilan militair, sarta hoekoemannana noe aja dina oendang-oendang oemoem sedjen ti ijeu, dina wet atawa besluit-besluit sedjen noe koeat.
Art. 590. Perkara-përkara noe disëboet dina oendang-oendang oemoem, dina wet-wet atawa besluit-besluit noe koeat, sarta tetëp kakoeatannana waktoe djadina boekoe wet ijeu,, sakoemaha noe kasëboet dina artikel 588, kasalahannana pimeunangeun hoekoeman noe hënteu kasëboet dina artikel 5 djeung 6, eta hakim koedoe ngeunakeun hoekoeman noe pangdeukeutdeukeutna kana hoekoeman noe aja dina artikel S djeung 6 tea.
Art. 391. Oepama dina oendang-oendang oemoem, dina wet atawa besluit noe koeat sarta tëtëp kakoeatannana waktoe djadi boekoe wet ijeu, aja perkara atawa poetoesan pimeunangeun hoekoeman siksa badan atawa hoekoeman hina, eta hoekoeman noe aja dina artikel 5 no. 1, 1, 5 djeung 4 boekoe wet ijeu kaäsoep kana hoekoeman siksa badan djeung hoekoeman hina tea.
Art. 592. Noe kaäsoep disëboet oge ambtenaar noenjëkël kawasa dina boekoe wet ijeu, nja eta sagala kapala oerang priboemi noe sah ngawasa abdi-abdi noe leutik.
KATANGTOEAN PANAMBAH.
Art. 1. Oepama aja perkara kasalahan atawa langgar larangan kalampahkeunnana samemeh didjadikeun boekoe wet hoekoeman ijeu, eta hoekoeman noe ditangtoekeun waktoena dilampahkeun eta kasalahan atawa langgar larangan noe koedoe dikeunakeun.