Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
156

kajaning: sabab kakolotan, sabab gering, atawa sabab tjatjad awakna, koe pangadilan priboemi atawa pangadilan Europa, noeroetkeun asoepna dioeroes koe salah sahidjina eta pangadilan bae, beunang diwidian soepaja ti tempat imahna noe ngoeroes barang-barangna sakitan noe meunang hoekoeman kërdja paksa make rante ngiriman doeit sakali atawa noengtoet ka kapala parentah nagara noe ngabawah tempat di boeina eta sakitan, nja eta marga panoehoenna sakitan pribadi atawa panoehoenna noe ngoeroes manehna, soepaja eta doeit dipake noeloengan ka eta sakitan.

Lamoen noe boga panoehoen sakitan pribadi, noe ngoeroes eta sakitan (curator) djeung djaksa (het openbaarministerie) dipariksa heula timbangannana hal eta.

Art. 5. Sabot tatjan aja gedong paranti ngabënërkeun noe goreng lampah (verbeterhuis) noe kasëboet dina artikel 35 dina boekoe wet hoekoeman, eta pikeun ënggonna sakitan boedak noe ditjaritakeun dina eta artikel ditangtoekeun koe Kangdjëng Toewan Besar Gouverneur-Generaal.

Art. 6. Demi kasalahan noe dilampahkeun koe soerat-soerat beunang njitak ngahoekoemannana noeroetkeun parentah atawa atoeran noe kalampahkeun ajeuna bae, samemeh aja deui atoeran sedjen.