9
Oepama oerang priboemi loembrahna meunang hoekoeman kěrdja paksa dina pagawean nagara make parab teu make boeroehan (krakal), eta moenggoeh menak noe disěboet di loehoer dikeunaän hoekoeman boei lilana sakoemaha hoekoeman krakal tea.
Art. 9. Oepama hoekoeman noeroetkeun wet dikĕrdja paksa make rante, eta dikeunakeunnana ka awewe dikĕrdja paksa teu make rante.
Lamoen aja noe kitoe, hakim koedoe něrangkeun dina vonnisna masing terang pisan, jen eta hoekoeman kĕrdja paksa teu make rante djadi gantina hoekoeman kĕrdja paksa make rante tea.
Art. 10. Noe meunang hoekoeman kěrdja paksa teu make rante lilana teu leuwih ti satahoen atawa noe dikěrdja paksa dina pagawean nagara make parab teu make boeroeh (krakal), eta ngalakonannana hoekoeman dina tempat dipoetoesna bae.
Art. 11. Lamoen ditangtoekeun dina oendang oendang oemoem jen meunang hoekoeman diboei lilana leuwih ti dalapan poë, eta hoekoeman keunana ka oerang priboemi digantian koe dikěrdja paksa dina pagawean nagara make parab teu diboeroehan (krakal), atawa moen hoekoemannana diboei leuwih ti tiloe boelan, eta digantian koe dikěrdja paksa teu make rante.
PASAL III.
Hal něrapkeunnana hoekoeman.
Art. 12. Iloekoem pati diterapkeunnana koe logodjo dina panggantoengan, beuheungna noe dihoekoem ditalian koe tali