Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

14

Politie kawasa ngeureunan eta pěrmaenan, kadjaba hoe-

koeman noe geus ditangtoekeun.

N°, 8. Hal soesoerakan djeung tjektjok.

Saha-saha noe soesoerakan atawa tjektjok di djalan djeung

dina ěnggon anoe deukeut kana wawangoenan baris agama atawa pangadilan, keur waktoe běrdjamaāh atawa keur waktoe ngeunakeun pangadilan.

N°, 9. Maen ngarah doeit.

Saha-saha noe maen ngarah doeit di loeloeroeng, di djalan,

di aloen-aloen djeung di těmpat-těmpat noe těrang, atawa anoe miloe maen, toer hěnteu meunang paidin heula.

Barang-barang djeung doeit anoe kapanggih didinja atawa

anoe dipake toempang eta dirampas kabeh, kitoe deui barang-barang, parabot-parabot noe dipake maen atawa noe baris dipake maen.

N°, 10. Hal ngadoe hajam djeung djangkrik.

Saha-saha noe ngadoe hajam atawa djangkrik di loeloe-

roeng, di djalan, di aloen-aloen atawa di těmpat těrang noe saroepa kitoe, toer teu meunang paidin heula.

Hajam atawa djangkrikna dirampas sarta dibasmi.

N°, 11. Hal wawangoenan kosong.

Saha-saha noe boga atawa noe ngoeroes wawangoenan

kosong, kajaning: goedang-goedang, leuit, gědogan atawa