Ieu kaca geus diuji baca
16
N°. 14.
- Saha-saha anoe merean inoeman, ngadjoeal atawa mere-
mere bae, ka djělěma anoe katara jen mabok.
N°. 15. Hal ngaleupaskeun andjing galak djeung sato galak.
- Saha-saha anoe ngaleupaskeun andjing galak djeung sato
galak.
- Andjingna atawa satona noe galak tea beunang dirampas
sarta dipaehan.
N°. 16. Hal ngingoe salo galak noe matak tjilaka.
- Saha-saha noe ngingoe sato galak noe matak tjilaka, hěnteu
ngoeninga ka parentah nagara, sarta hěnteu noeroet kana atoeran-atoeran ngadjaga eta sato noe geus diparentahkeun koe kapala nagara.
- Eta satona beunang dirampas djeung dipaehan.
N°. 17. Hai ngadjoeal kahakanan djeung inoeman beunang malsoe atawa noe geus roeksak.
- Saha-saha noe ngadagangkeun atawa ngadjoeal kahakanan
djeung inoeman beunang malsoe atawa noe geus roeksak.
- Kahakanan djeung inoeman beunang malsoe atawa
noe geus roeksak noe katjěkěl beunang dirampas sarta dibasmi.