Ieu kaca geus diuji baca
18
pěpělakannana keur boeahan geus asak atawa keur asak, toer manehna lain noe poerah ngala boeahna, lain noe njewa, noe ngěpak, noe boga atawa lain wakilna noe boga ela lahan atawa henteu boga bak koe sedjen-sedjen sabab.
N°. 21.
- Saha-saha noe ngaleupaskeun sato paranti narik, sato momot, sato toetoempakan atawa sato tandoekan kana eta lahan batoer noe keur dipělakan atawa keur boeahan tea, toer manehna hěnteu boga hak.
N°. 22. Hal asoep kana wawangoenan baloer.
- Saha-saha noe asoep kana wawangoenan, goedang-goedang, gědogan atawa kandang, atawa parahoe-parahoe dagang hěnteu amit heula djeung teu meunang paidin ti noe boga, ti noe ngawasa atawa ti noe ngeusian, kadjaba lamoen ditangtoekeun dina wet.
N°. 23. Hal teu mikeun imah diasoepan.
- Saha-saha noe teu mikeun waroengna, goedangna djeung těmpat noe saroepa kitoe, kapalna atawa parahoena, kitoe deui imahna djeung wawangoenan noe katoet kadinja diasoepan koe pangkat alawa ambtenaar noe dikawasakeun koe Wet kana hal eta, kadjaba hoekoeman lamoen manehna ngalawan djeung prakna.
N°. 24. Hal neundeun parahoe dina pakarangan batoer
- Saha-saha noe neundeun atawa mentingkeun parahoe, rakit djeung noe saroepa kitoe dina atawa jaba unagm paka-