Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

11

sarta teu meunang asoep djadi soldadoe barisan daratan, barisan pareman (schutterijen) atawa asoep kana koempoelan-koempoelan djaba ti eta noe make pakarang.

Art. 17. Noe meunang hoekoeman kěrdja paksa make rante, sabotna ngalakonan eta hoekoeman, leungit kawasana kana barang-barangna sorangan.

Oepama dimanah pěrloe, dipaparin wali eukeur ngoeroes bandana, tina sabab panoehoenna noe meunang hoekoeman atawa panoehoenna noe boga hak, atawa tina panoehoenna djaksana (Openbaar Ministerie), eta maparinna koe hakim civiel noe ngabawah kana těmpat noe ditjitjingan pangbehdijeuna koe noe meunang hoekoeman tea, noeroetkeun atoerannana ngadjadikeun wali dina pěrkara civiel anoe loembrah.

Soepama djalmana noe dihoekoem di bawah parentahna wet civiel di Indië Nederland (Burgerlijk wetboek), eta weeskamer noe koedoe djadi wali gěde, nangen pangoeroesna walina eta djalma tea.

Art. 18. Oepama noe meunang hoekoeman geus poetoes ngalakonan hoekoeman, eta wali eureun kawasana, sarta koedoe diselehkeun ka noe boga bandana bareng djeung ingět-ingětan kaloear asoepna.

Art. 19. Noe meunang hoekoeman dikěrdja paksa make rante, sabotna keur ngalakonan eta hoekoeman, teu meunang dibere doeit atawa kahakanan tina bogana sorangan, kadjaba noe diiwalkeun kaidinan dina soerat oendang-oendang noe kasěboet dina artikel 15.

Art. 20. Parentahna artikel 16, 17, djeung 18 keuna oge ka menak-menak oerang priboemi anoe hoekoemannana diganti kĕrdja paksa make rante koe diboewang noeroetkeun artikel 8,