Eta katangtoean sarta parentahna artikel 19 keuna ka awewe, anoe diganti hoekoemannana kěrdja paksa make rante koe kěrdja paksa teu make rante noeroetkeun artikel 9 tea.
Art. 21. Noe meunang hoekoeman diboewang ditětěpkeun dina hidji těmpat di djěro Indië Nederland, ditangtoekeunnana koe Kangdjěng Toewan Besar Gouverneur-Generaal.
Sabeunang-beunang onkostna koedoe ti milikna noe meunang eta hoekoeman tea bae.
Art, 22. Noe ditjaboet koe hakim hakna djeung kawěnangannana noe kasěboet dina artikel 6 no. 1 Boekoe wet ijeu atawa dina oendang-oendang oemoem djaba ti ijeu, teu meunang:
a. njěkěl atawa ngalampahkeun pagawean saniskara pangkat nagara;
b. djadi wali jatim atawa wali barangna djalma sedjen,
c. djadi wali anakna atwa wali barang anakna sorangan,
d. djadi saksi disoempah hal pěrkara civiel, oepama ditolak,
e. miloe milih pikapalaeun.
Dimana noe henteu ditangtoekeun jen koedoe dikeunakeun, hakim wěnang moetoes njaboet hakna djeung kawěnangannana, atawa njaboet salah sahidjina, atawa henteu njaboet, koemaha timbangannana hakim bae.
Ijen hoekoeman keunana ka noe meunang hoekoeman ti watĕs poëan vonnisna didjadikeun (kracht van gewijsde).
Art. 23. Nagihna oewang děngda djeung onkost-onkost pangadilan eta tětěp bae noeroetkeun katangtoean hal eta noe aja dina oendang-oendang hal njoehoenkeun hoekoeman noe keuna ka noe dihoekoem.
Oepama koedoe majar dengda atawa barangna dirampas bareng djeung koedoe moelangkeun barang atawa ngaganti